mun rasa werat kudu nyarita
pan salira anu nganawetuanana
nancebkeun tetengger hirup
di tulis ku mangsi emas dinasutra bodas tur nyacas
mun enya kitu kuduna
leumpang na erel harepan
tangtu leumpang kareta mangprung
mo kahewag ku kalangkang anu anyar midang
tapi
naha anyeuna
basa aya obor kakalicesan
paninggal salira bet samar
samar ku paninggal sorangan
ayeuana sutra bodas tur nyacas
duka di mana ayana duka kumaha rupana
ngan salira anu nganaha naha
pajar baha
ah
dukakedah kumaha saena
Sabtu, 01 Mei 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar